Kamis, 16 September 2021

DI HAREUPEUN PANGADILAN - Franz Kafka

DI HAREUPEUN PANGADILAN Carpon Franz Kafka Di hareupeun pangadilan, saurang patugas ngajanteng ngajagaan panto. Jol hiji jalma ti pilemburan datang nepungan si patugas seja ménta idin rèk asup ka pangadilan. Tapi, si patugas teu ngidinan asup ayeuna. Pok si urang lembur nanya, "Naha engkè kuring meunang asup?" "Nya meureun, tapi teu ayeuna," walon si patugas. Basa panto muka, jiga sasari si patugas nyisi. Si urang lembur mencrong ka jero rohangan pangadilan. Si patugas mireungeuh. Manehna imut, tuluy pok nyarita, "Lamun anjeun rék nyoba-nyoba, naha teu asup baè atuh najan dicaram ogè? Tapi omat, kuring nu kumawasa. Kuring ukur ngajaga lawang panto. Pangkat kuring ukur panghandapna. Tapi, di unggal rohangan lianna geus dijagaan ku patugas nu ngajaga panto. Beuki ka jero beuki luhur pangkatna. Malahan mah kuring teu bisa ngajamin cacak karék samet panto katilu ogè." Si urang lembur tangtu teu ngarepkeun hahalang. Hukum kudu adil ka sakabéh jalma, ceuk pikirna. Ayeuna manèhna kalahkah jongjon nelek-nelek si patugas nu ngajaga panto. Si patugas makè jeket kandel jeung buluan. Irungna mancung jeung janggotna panjang tur ipis. Manèhna masih kènèh boga kayakinan bakal meunang idin asup. Si patugas ngasongkeun bangku leutik bari nitah diuk ka si urang lembur deukeut lawang panto. Si urang lembur diuk mangpoé-poè malahan mah mangtaun-taun. Manèhna keukeuh mènta idin sangkan bisa asup, tapi teu weléh dihalangan ku si patugas. Si patugas kalahkah tunya-tanya teu pararuguh ka si urang lembur ngeunaan kulawargana. Tuluy cumarita teu puguh juntrunganana èstuning matak pikaboseneun nu ngadèngèna. Si patugas lajag-lejèg, lagana jiga panggedè. Antukna mah manèhna nyarita deui ka si urang lembur yèn si urang lembur tacan meunang asup. Si urang lembur mawa bebekelan loba naker dina sajeroning lalampahanana sangkan bisa nyogok si patugas. Tapi, pok si patugas nyarita, "Kuring ukur bisa nampa pangasih ti anjeun. Tapi, ulah boga pikiran bisa ngalalaworakeun saha baé." Geus mangtaun-taun si urang lembur nelek-nelek si patugas nu jaga panto. Manèhna poho yèn masih aya patugas nu ngajaga panto nu sèjènna. Patugas nu kahiji ieu ukur hahalang pikeun manèhna nyinghareupan hukum. Manéhna kukulutus, aya ku goréng-gorèng teuing cenah nasibna dina taun-taun munggaran mah, nu pinuh ku kawaspadaan. Beuki kolot, manéhna beuki mindeng kukulutus sorangan. Manèhna jadi bubudakeun. Salila nelek-nelek si patugas nu ngajaga panto, manèhna karèk mireungeuh yèn dina jèkèt si patugas nu buluan tèa aya kutu. Manèhna miharep sangkan èta kutu bisa nulungan manèhna pikeun ngarobah sikep jeung pamadegan si patugas nu ngajaga panto. Tungtungna mah tetempoan si urang lembur beuki teu awas. Manèhna teu mireungeuh wirèh poe beuki moèkan. Atawa moal kitu tetempoanana ukur nipu manèhna sorangan? Manèhna karèk éling yèn urusan jeung hukum tèh kacida hèsèna. Manèhna sadar yèn hirupna moal lila deui. Saacan nepungan pati, sakabèh pangalamanana dikumpulkeun dina ingetanana nalika manggih hiji pasualan nu can kungsi ditanyakeun ka si patugas nu ngajaga panto. Rikat manéhna ngageroan si patugas. Manèhna sorangan geus teu bisa usik-usik acan. Si patugas kapaksa kudu ngabongkokkeun awakna sangkan sajajar jeung si urang lembur. Sabab, kaayaan di antara maranéhanana geus loba nu robah, loba nu nyangsarakeun si urang lembur. "Anjeun rèk nanya naon deui?" tanya si patugas. "Anjeun hawek. Nu lianna gé pahayang-hayang urusan jeung hukum," ceuk si patugas nuluykeun. "Asa ku arahèng, nangtaun-taun lilana euweuh saurang-urang acan iwal kuring nu ménta idin pikeun nyinghareupan hukum?" Si patugas sadar yèn si urang lembur tèrèh pimaoteun. Jeungna deui asa leuwih nambahan bodona. Manèhna ngomong tarik naker ka si urang lembur, "Saha baé euweuh nu meunang idin asup ka dieu, sabab panto ieu ukur keur anjeun. Ayeuna kuring indit sarta pantona ditutup ku kuring." -tamat- Jejer asli dina basa Jerman "Vor dem Gesetz" Tarjamah bahasa Indonesia ku Sigit Susanto, jejerna "Di Depan Hukum". Tarjamah basa Sunda ku Eddi Koben tina bahasa Indonesia tarjamahan Sigit Susanto.